Ku: Gun Gun Gunawan, M.A.

Konci supaya manusa bisa hirup bahagia, numutkeun Imam al-Ghazali dina kitab “Kimiyau Saadah”, mung aya hiji. Nyaeta “Ma’rifatu Nafs”, nganyahokeun diri sorangan atawa “tau diri”. Saha ari diri urang, ti mana urang asalna, arek naon urang aya di dunya, jeung rek kamana urang balik. Cara paling gampang pikeun hirup bahagia, nyaeta ngabaca diri sorangan. Manusa kudu nyaho naon perkara anu diperlukeun ku manehna, naon anu matak manehna bahagia, naon nu dipikaresep ku manehna, naon anu matak manehna sangsara, naon anu matak manehna salamet, jeung naon anu matak manehna cilaka.

Contona, dina kahirupan sapope, lamun urang  nyaho kana diri, urang bakal nyaho naon potensi  nu aya dina diri urang. Mangka, urang bakal nyaho naon nu kudu dikembangkeun pikeun mangsa pikahereupeun. Naha urang teh resep kana babalantik, atawa resep tatanen. Lamun urang nyaho yeun dina diri aya bakat dina tatanen, mangka urang bisa diajar tatanen soson-soson ameh jaga bisa jadi patani anu sukses. Lamun urang nyaho yen diri urang bakal gering lantaran ndahar cabe, mangka urang bakal nyinglar tina ngadahar cabe.

Saur al-Ghazali, sing saha anu nganyahokeun diri sorangan, maka eta jalma bakal ngarasakeun kabahagian nu sajati”. Tapi, saur anjeuna, manusa sok hese nganyahokeun diri sorangan lantaran kahalangan ku hawa nafsu jeung ma’siat. Hawa nafsu hayang kaeuleuh, hayang disebut jalma pang gagahna, pang kasepna, pang pinterna, atawa pang beungharna. Contona dina kahirupan sapopoe, urang lewih resep ngadahar bala-bala jeung teu resep ngadahar fizza atawa burger. Tapi lantaran hayang disebut elit jeung gaul, maksa we jajan burger, atuh ngadaharna ge kapaksa bari hayang utah da teu ni’mat jeung teu biasa tea. Atawa, urang teu butuh motor kaluaran anyar, lantaran motor nu hebeul ge alus keneuh bari secara finansial acan mampu. Tapi lantaran hayang disebut beunghar, hayang gaya, kapaksa we meuli motor kaluaran anyar najan anyuk hutang. Antukna rieut kudu nyetoran. Conto lain na, urang teu minat jeung teu mampu kuliah di jurusan kedokteran, dan minat jeung mampu na di jurusan pertanian. Tapi lantaran ceul batur kedokteran teh jurusan ‘keren’, kapaksa we kuliah di jurusan eta. Antukan teu jujur lantaran teu mampu tea. Duit beak jadi dokter henteu. Antukna urang teu bahagia lantaran urang lain nurutan pangabutuh jeung kaayaan diri, tapi nurutan kahayang hawa nafsu jeung pamenteu batur. Nafsu hayang disebut gaul, hayang di sebut beunghar hayang disbeut gaya, jeung sajabana.

Lamun manusa beuki loba ngalampaham ma’siat jeung nyumponan hawa nafsu, mangka bakal beuki hese eta jalma nganyahokeun diri sorangan. Sabab, ibarat urang ngenteung, sakali urang milampah ma’siat, maka hiji kokotor nampel dina enteung. Beuki loba ma’siat beuki loba kokotor napel dina enteung nu antukna urang teu bisa ngenteung lantaran kahalangan kokotor.

Mangka saur al-Ghazali, supaya manusa babari ngayahokeun hakekat diri sorangan, maka eta jalma kudu ngajauhan ma’siat jeung kudu bisa ngelehkeun hawa nafsu. Kasajatian diri mung ukur bisa ditingali ku hate jeung jiwa anu beresih, anu herang. Sabab ari sajatining diri teh nyaeta pancaran cahaya Gusti Allah. Lamun urang geus mikanyaho saha hakekat diri urang, mangka urang baris nganyahokeun hakekat Allah. Sakumaha dawuhan Kanjeung Nabi:

“Man arafa nafsahu, faqad arafa rabbahu”, sing saha jalma anu geus nganyahokeun saha dirina, mangka eta jalma baris nganyahokeun saha Pangeran na”.

Wallahu a’lam.

Tinggalkan komentar