“Kusabab waktu geus erep, hayu pungkas wae iye kelas. Ulah poho eta draft proposal panalungtikan tendeun dina google drive. Engke baris pariksa jeung dipenteun hiji-hiji” ceuk Profesor Northcott bari nutup kelas online di aplikasi Zoom. Lantaran wabah virus corona covid 19 keur nyebar di mana-mana, aktivitas kuliah kapaksa pindah kana online. Mahasiswa jeung dosen cukup caricing di imah nyangharepan komputer anu nyambung kana internet. Mahaiswa bisa ngeregepkeun materi kuliah bari bisa adu hareupan jeung dosen sarta balad-baladna ngaliwatan aplikasi meeting. Aya sababaraha aplikasi pikeun ngayakeun kuliah online, salah sahijina Zoom.

Ari profesor Northcott aslina urang Inggris. Manehna dosen di Edinburgh University, Scotlandia anu keur ditugaskeun ngajar di UGM. Di kelas kuring ngajar mata kuliah Research Methods and Design. Manehna kawentar killer  (galak) lamun ngajar. Lamun ngritik pagawean mahasiswa taya tedeng aling-aling. Mantak nyelekit kana hate lamun dibawa baper mah. Tapi teu nanaon. Apan jadi elmu. Da nu di kritik the pagawean urang, lain urangna. Eta ge sangkan urang lewih mikir, lewih maju. Inget keneh harita pas awal asup kelas, ari urang diuk di korsi rada tukang. “Hayu cuang di hareup diukna” ceuk si Icha. “Embung, di dieu wae urangmah”. “Maneh mah teu nyaho nya kumaha Profesor Northcott. Ngobrolna aksena beda. Pan urang Scotlandia, logat bahasa Inggrisna teu pati kaharti. Tuh si Harriet ge cacak urang Inggris asli heseeun ngabandungan Northcott mah”. “Hayu atuh”. Antukna kuring diuk di hareup. Da enya, gening asa logatna the. Kudu meni ngaregepkeun pisan mun haying kaharti the.

Sabada rengse kuliah Northcott gek kuring ngedeng dina karpet. Asa meni cangkel dua jam lewih nyangharepean laptop. Kerelek beteng disada. Angeun karasa peurih. Enya can dahar ti isuk-isuk da ngaburu ngarengsekeun tugas. Gara-gara na mah kamari nonton drama Turki sapopeo, jadi we tugas kapopohokeun. Ari sangu mah da aya dina ricecooker, tapi bingung jeung naon dengeuna. Ras inget kana botan. Enya botan, lauk sarden anu dikalengan. Ari botan teh salah sahiji merek sabenerna mah. Tapi urang kampungmah merek sok dijieun ngaran. Sakabeh mie instan disbeut sarimie. Mun meuli mie kawarrung najan nu dibeulina indomie disebutna meuli sarimie. Meuli odol close up anger we nyebutna meuli pepsodent.

Tisaprak jumeneng di alam dunya, asana dahar anu paling mirasa nyaeta dahar jeung botan anu diasakana dicampur jeung mie. Nepi ka ayeuna asa can manggih daharun anu nimatna jiga kitu. Teu bisa diarasakeun deui ngan ukur bisa dibayangkeun ayeuna mah.

Kira-kira tahun 1998, jaman krisis moneter. Harita kuring can asup sakola, kira-kira umur 4 taunan. Ari harita ema sok boborong bungbuahan anu aya di lembur sabangsaning cau, kalapa, peteuy, jengkol, jeung sajabana. Biasana eta bungbuahan teh diual deui ka pasar Parigi. Sababaraha kali kuring kungsi milu ka pasar. Bakat ku bungah rek diajak ka pasar, hudangge meni jam dua peuting. Da balas teu kuat hayang geura indit.Da baheula mah ka Parigi ge meuni asa ka kota. Maklum urang leuweung.  Biasana lamun ka pasar sok meuli daging hiu jeung sukro sakarung.

Hiji poe kuring diajak ema ka Cilongok, rek ka Mang Mi’an menta ngaborong peuteuyna. Ari balikna liwat Cipereng. Sugan we aya bungbuahan ni bisa dibeuli ceuk ema teh. Harita di Cipereng aya imah hiji di papasir. Imah Nini Jam’ah. Ti imah eta bisa katempo pasawahan Cileungsir, Cikahurip jeung Cantilan. Ereun we ema jeung kuring di imah Nini Jam’ah.  Sok asup ka imah. Teuig naon wae nu diobrolkeun ku ema jeung Nini Jam’ah. Poho deui. Nu ingetmah kuring jeung ema ditawaran dahar. Ema mah embungeun, ngan kuring hayang. Dasar budak tea sok careraman. Harita dahar meni karasa nikmat pisan. Teu pira deungena jeung Botan nu diasakana dicampur mie. Meni teu bisa kapohokeun nepi ka kiwari.

Enya harita mah dasar jeug botan ge meni asa mewah. Lamun keur usum nyamut ema sok remen ngasakan botan campur sarimie. Eta adaharan kaitung mewah, paling genep bulan sakali bisa ngadahar nu kitu teh.  Almarhumah Nini Rurum karesepna botan dicampur jeung goreng bawang. Aduh kacipta ni’matna harita mah. Sok inget lamun hayang ngasakan botan lain pas usum nyawah, kuring kudu buburuh ka ema. Ngangkutan cau atawa kalapa ti leuwung ka Simpangan. Da baheula mah jalan ka Cimanggu jeung Ka Pasir Madang maish keneh taneuh bereum. Lamun usum hujan mobil Ki Jao moal bisa asup. Kapaksa hasil tatanen kudu diangkut ka Simpangan Citatah. Eta sok jadi kasempatan keur kurung pikeun buburuh pikeun meuli kadaharan atawa kacooan nau dipikahang. Salahsahijina meuli botan.

Padahal lamun ceuk ayaeuna mah naon atuh anehna botan, naon mewahna. Da tadi kusabab inget kana palangalaman harita, kuring langsung ngasakan botan jeung mie instan. Sugan we nikmat jiga baheula basa dahar di imah Nini Jam’ah. Tapi anger asa biasa wae. Eweh kani,matan jiga baheula. Baheula mah dahar teh asa sagala ni’mat. Dahar botan, daging hayam, malah jeung mie instan ge meni asa mirasa. Asa mewah. Tilu bulan sakali ge henteu dahar ni kitu teh, malah bisa jadi tahun kali. Ayeuna lamun hayang dahar daging hayam atawa botan unggal peo ge bisa jeung aya keur meuli na. Tapi eweh kani’matan nana.

Kadang sok hayang balik zaman harita. Zaman budak. Zaman eweuh beban nanaon. Eweuh pikiran nanaon. Pagawaean ulin jeung dahar. Asa bungah saterusna. Lamun ceurik ge paling gelut jeung babaturan marebutkeun kaulinan. Isukna langsung poho, terus nyobat jeung ulin deui. Na ari ayeuna, lamu aya kanyeuri teu cageur ku saminggu atawa sabulan. Sagala sok kapikiran.  Haha.

Tinggalkan komentar